Jawaban:
1. Ari manéh Ujang budak-budak kawas kolot.
2. Ngomong téh ulah bari jeung popolotot atuh!
3. Kunaon Nyai, imut-imut baé, aya nu lucu?
4. Manéhna mah ti leuleutik resep kana wayang.
5. Oman mah leutik-leutik ogé tanagana mah bedas.
6. Éta jelema téh rék aya naon nya, bulak-balik baé ka dieu.
7. Bakating ku sieun nepi ka blug-blag labuh.
8. Kang Agus keur bebedilan ka leuweung tiis.
9. Aki Udin téh kokolot di Cigedug.
10. Ari balik sakola téh ulah sok luas-léos kamana waé.
Pedaran
Kecap rajekan nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut dua kali éngangna atawa wangun dasarna. Salian ti dirajek éngangna atawa wangun dasarna, aya ogé kecap rajekan anu ditambahan ku rarangkén, boh ditambahan ku rarangkén hareup boh ditambahan ku rarangkén tukang. Aya sababaraha rupa kecap rajekan, nyaéta anu disebut Kecap Rajekan Dwilingga, Kecap Rajekan Trilingga, Kecap Rajekan Dwipurwa, sarta Kecap Rajekan Dwimadya.
Kecap Rajekan Dwilingga nyaéta kecap anu dirajek wangun dasarna bari teu ngarobah sora (Dwimurni) jeung kecap anu dirajek wangun dasarna bari ngarobah sora (Dwi réka). Kecap Rajekan Trilingga nyaéta kecap anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Kecap Rajekan Dwipurwa nyaéta kecap nu dirajek éngangna atawa suku kecapna, sarta Kecap Rajekan Dwimadya nyaéta kecap anu dirajek éngang tengahna.
Pelajari Lebih Lanjut
→ Conto kalimah tina kecap rajekan.
https://brainly.co.id/tugas/948238
Detail Jawaban:
- Mapel: B. Sunda
- Kelas: 8
- Bab: Bab 6 - Bahasan Budaya Sunda
- Kode kategorisasi: 8.13.6
Kata kunci: kecap rajekan
#UlahWakaBobogohan